"Dongeng Sunda" sareng Ciri - ciri , Rupi - rupi jeung Contoh na

A) PENGERTIAN DONGENG

     Dongeng nyaeta carita anu pondok, sarta eusina/sabagian eusina ngandung perkawis perkawis nu teu asup uteuk (pamohalan). Dongeng teh kaasup carita klasik tradisional. Iraha mimiti ayana, teu kapaluruh. Na kitu deui saha anu ngarangna teu puguh (anonim). Ari nyebarna tatalepa sacara lisan. Bareto mah ngadongeng atawa mangdongengkeun teh janten talari urang sunda.

dongeng-sunda-ramdanshare.blogspot,com
B) CIRI CIRI DONGENG

1. ngagunakeun alur nu basajan
2. carita na singket jeung unggut gancang
3. sipat inohong teu diuraikeun sacara rinci
4. di tulis siga pancaritaan sacara lisan
5. aya talatah dina caritana
6. carita nu diangkat teh teu asup uteuk


C) RUPI DONGENG TINA BASA SUNDA

1. Parabel: dongeng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma dawam.
2. Fabel: Dongeng sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae tiasa nyarios jeung ngagunakeun uteuk pikiran.
3. Legenda: Legenda sok disebut oge dongeng sasakala, nya eta dongeng anu nyaritakeun mimiti muasalna kajadian hiji tempat,barang,sasatoan,kabiasaan,atawa tutuwuhan
4. Sage: Dongeng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah
5. Mite: Dongeng anu eusina raket patalina jeung keperacayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkawis perkawis anu sipat na gaib.
ramdanshare.blogspot.com


Sasakala Gunung Kendang

        Jaman baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu dipikahayangku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang kudalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna.Sabah lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang.Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna.Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakondipidangkeun nepi ka tamatna.Pok Ki Dalang sasauran.“Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar tiheula?”Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaagra téh.Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména.Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyoy-enyoyan, ngoléar tembang hégar pisan.Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Éstuning ramé pisan aréak-aréakan, nguping sora sindén anu ngagalideng halimpu pisan. Barang lalakonampir tamat geus deukeut subuh, torojol dua jelema anu maké pakéan saragamupas kabupatén. Éta upas téa nepikeun paréntah Bupati, nu maksudna supayaéta dalang, sindén, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheuska kanjeng Bupati. Cenah ditunggu pisan.Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka batur baturna kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur ku Bupati.Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisanleuleumpangan henteu loba sumarimpang.Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug. Breg ngarimpak rareureuhdihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék bray-brayan beurang.Tapi anéh bin ajaib! 11
Éta dua Upas teu araya, kabupatén ogé suwung, leungit tampa lebih ilang tampakarana. Sakabéh nu hadir musna teu ngaho kamana leosna. Nu aya sesana ngangamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun urut diuk sindén, kabéh robahngajadi batu. Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung Kendang.Dina mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa Jum’ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur hiburan. Sora sindén gagalindeng angin-anginan.Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nangnéngnong. Ditempas ku sorakendang, dung plak dung plak, écés pisan. Dipungkas ku sora-sora goong, éar nu surak nu senggak, kakuping ramé pisan.Loba jelema katipu.Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo, Bantarpeundeuy, jeung nu séjénna. Nu dek lalajo ngabring, manéhna nyangka aya kariaan dikampung Cibitung. Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangkayénnunanggap wayang téh di Cikarosea atawa Bantar peundeuy.Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul. Dijalan abringan nu ti Kalér  jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana aya nu kariaan téh.Masing-masing ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan haténa marurukusunu keuheul ngarasa katipu.Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak batu-batu nu siga kendang, goong,anggél, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur réana ayaopat bélas, anu nangtung anu ngedéng. Anu siga guguling panjangna hijisatengah méter. Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti KacamatanCisompét Kabupatén Garut, dikomplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru. 
Share on Google Plus

About Ramdan Nurul

I am Blogger, Web Developer, and Software Developer.
    Blogger Comment
    Facebook Comment

10 komentar:

  1. terima kasih bwt artikel nya,, saya tunggu artikel selanjutnya,, (y)

    BalasHapus
  2. Makasih bgt bro info nya, sangat bermanfaat buat anak saya. hehe
    Jangan Lupa mampir ke blog EXPO Lowongan Kerja Terbaru ane ya Lowongan Kerja BANK Terbaru

    BalasHapus
    Balasan
    1. ya sama - sama, senang rasanya bisa membantu. Terima Kasih juga buat kunjungannya..

      Hapus
  3. min, boleh izin copas?
    tapi kok gak bisa copas?
    makasih

    BalasHapus
  4. kang saya butuh di copas buat tugas, meni koret dekah teu bisa di copas

    BalasHapus
    Balasan
    1. mangga kang, silahkan. ini mah supaya ga diambil org2 yg ga bertanggung jawab aja, yg ngambil trus diposting tapi sumber nya dilupakan. hehe.

      Hapus
  5. Thank you for nice information. Please visit our web:

    Ghozi
    Ghozi

    BalasHapus